SATU CINTA DUA HATI
1. ku bismilah dikawitan
ieu kisah dinadzomkeun
ku abdi yang membutuhkan
kana rahmatna pangeran
2. kisahna kembang kamboja
jadina bercabang dua
nu teu asing jeung teu langsa
nu tumbuhna di istana
3. kacaturkeun dua santri
santri putra santri putri
saking demen jeung sejati
berpadu cinta sejati
4. mang sultan eta namina
teh rissa eta namina
sanajan panggihna langka
tetep nyaah jeung setia
5. barang dina hiji mangsa
mang sultan ngalih ngobongna
teh rissa na teu kawasa
bari nangis jeung setia
6.teh rissa na sesenggrukan
nyariosna alon pisan
pami nyampai ditujuan
tong hilap enggal nyeratan
7. mang sultan ngawaler sopan
jawabna aduh kantenan
masa aku melupakan
dirimu yang aku sayang
8. kalau ada sumur diladang
bolehkah menumpang mandi
kalau ada umur panjang
boleh kah bertemu lagi
9. teh rissa na meseum manis
cahayaan bari jeung geulis
sanaos bari jeung nangis
teh rissa mah tetep geulis
10. tos lami kacaturnakeun
lamun rinduna mereka
silih suratan balikna
tuk mencurahkan hatina
11. kacaturkeun ibu ramana
ka teh rissa na nyarita
kedah enggal kabumina
ngawaro jeung henteu nyangka
12. teu nyangka rek ditikahkeun
margina teu ngawartoskeun
mulangge ngan ngajalankeun 
pamanut ortu mah sieun
13. sanajan nari teu sangka
dijodohkeun ibu ramana
teh rissa na nya kapaksa
hatina sakit tersiksa
14. pernikahan teh rissa na 
ngadameul mang sultan resah
laku lampah serba salah
dahar nginum teu ngarenah
15. ibu rama teh rissa mah
lain tega jeung teu nyaah
miwarang enggal ditikah
ninggal harta nu berlimpah
 16. orang tua ninggal harta 
nu kitu matre ngarana
kajeun teuing agamana
yang penting berlimpah kaya
17. ringkas bae caritana
mang sultan lewih sengsara
nepika sateu damangna
panyakitna beuki parah
18. mencit meri dina rakit
boboko wadah bakatur
lain nyeuri ku panyakit
kabogoh direbut batur
19. kumaha duh kumaha keun
teu tiasa dipaparkeun
banget hese dipaparkeun
apan anjeun ngaraoskeun
20. ngan anjeun mah tidak tahu
rasa pahit di diriku
saperti minum empedu
mending bila minum madu
21. mang sultan hatena nangis
peurih bagaikan diiris
taya saorang pun pedis
micen ku panyakit sadis
22. teu lami mang sultan mati
nyawana diambil gusti
mungkin sabab sakit hati
sampai memasrahkan diri
23. teh rissa ge terangeun
sabab aya nu nyampaikeun
geubeug hatena rewaseun
kumaha duh kumahakeun
24. emangna ti teteh rissa
teu bakal tiawal nikah
pikiran selalu gundah
hatena selalu resah
25. rejeung tisaprakna nikah
membatin slalu dirina
hese ngahilangkeunnana
mang sultan dina hatena
26. sanajan sareng caroge
teu bisa malingkeun hate
sakapeung sok hare hare
teu mayunan ku caroge
27. ditambah aya berita
mang sultan meninggal dunia
hatena semakin gila
dzohir batinna tersiksa
28.  dimana surya tenggelam
menunjukan waktu malam
pikiran osok melayang
memikirkan seseorang
29. seseorang anu pindah
di hatena teh rissa
mang sultan anu terpisah
terpisah karena nikah
30. sakapeung sok pang keselkeun
carogena nu budiman
ditaros jarang nembalan
ngajanteunkeun panasaran
31. aduh nyai bojo akang
naha anu di emutan
jawabna teu gaduh akang
abdi hoyong ka kuburan
32. carogena teu ngulahkeun
malah kalah ngajajapkeun
naon anu disuruhkeun
mangka bade dijalankeun
33. kacarios sering pisan
teh rissa ngajarahan
ka kuburan popotongan
anu heunteu kajodohan
34. umpami wangsul jarahna
sok nguping aya sorana
suarana hiji jalma
teu jirim dadanguanna
35. sanaos bari teu jirim
teh rissa na heunteu yakin
eta sora anu pokna
aduh meren nya bagjana
36. lamun urang teu laksana
lamun hanjakal telahna
teu lami hirup kaula
didunia sakicep mata
37. teu aya sugan jaya
bakal manggih anjeun bagja
teu bisa disanes sanes
puguh soran teh bentes
38. hatena sangat tergores
mulangge teu bisa hees
diriwatkeun aya riwayat
teh rissa teh sakit berat
39. enya anjeuna wasiat
waktos anjeuna sekarat
pami engkin dikuburna
teh risa teh nyuhunkeun
40. ulah henteu direjeungkeun
caket mang sultan gigireun
barang tos canduk waktosna
teh rissa na liar dunia
41. dipanggil anu kawasa
robbil alamin nu mulya
kacarioskeun pupusna
dilaksankeun pupusna
42. nya tumbuh kembang kamboja
katunggul bercabang dua
mung sakieu nu katampi
kisah ieu ku sim abdi







(teu kenging hilap coment na kasadayana)

nama : martika intan kurnia18
 

Komentar